Jam & Kalender

Rabu, 05 April 2017

Kalimah Langsung jeung Kalimah Teu Langsung

1.Kalimah Langsung
         Kalaimah langsung nyaeta kalimah anu langsung di ucapkeun ku panyaturna .Ditulis make tanda kekenteng (") di awal jeung di tungtung kalimat.

Conto:
1."Sareng saha bade angkat ka Jakarta teh?"Bibi naros
2."Iraha domba teh rek dipeuncitna,Din?"saur Ua
3."Saha anu ka pilih jadi bentang pelajat teh?"Agus nanya

          Dina kalimah ,boh carita pondok boh novel,urang bisa manggihan kalimah langsung teh.Malah aya anu henteu make katerangan deui,tapi urang ngarti saha-sahana any nyarita.

2.Kalimah Teu langsung
         Kalimah teu langsung nyaeta kalimah anu di ucapkeun henteu langsung ku panyaturna ,sipatna naratig(nyaritakeun).

Conto:
1.Imas nyarita ka indung na yen manehna rek latihan kasenian di sakola.
2.Kang Ade bebeja ka Pa RT ,menehna cenah moal bisa milu gotong royong.
3.Dudung omat-omatan ka baturna yen manehna hayang diasupkeun kana tim maen bal di lembirna.

Sumber : Buku Gapura Bahasa Kelas IX

Tidak ada komentar:

Posting Komentar