Jam & Kalender

Rabu, 05 April 2017

Basa Loma jeung Basa Lemes

              Dina kahirupan sapopoe ,urang moal bisa leupas tina tatakrama ,boh dina sikep boh dina basa.Iwal lamun urang rela disebut jalma teu nyakola.
              Tah,dina pangajaran ayeuna urang di ajar ngeunaan ragam basa loma jeung basa lemes dina kalimah.Ragam basa loma jeung basa lemes teh mangrupa bagian tina tatakrama basa Sunda ,anu baheula mah di sebut undak usuk basa.

Conto :
1.Kuring mah kakara datang ti sakola.
2.Abdi mah nembe dongkap ti sakola.
3.Pun lanceuk mah nembe sumping ti sakola.

                Dina conti di luhur aya kecap datang,dongkap,jeung ,sumping.Maksudna mah sarua,nyaeta 'datang', tapi beda dina lebah merenahkeunana.


Sumber : Buku Gapura Bahasa kelas IX

Tidak ada komentar:

Posting Komentar